Oleh: dodi | April 8, 2008

Cirahong

Mang Jaya

Meuli Borondong…

Mun ulin ka Manonjaya

Tong poho liwat CIRAHONG…..


 

Sasak (jembatan) Cirahong panjangna 200 meter diluhurun walungan Citanduy, sasak Cirahong ngahubungkeun dua kabupaten nyaeta Kec. Ciamis di Kabupeten Ciamis ka peuntaseunana Kec. Manonjaya Kabupaten tasikmalaya.

 

Sasak Cirahong ceuk sakaol mah ieu sasak teh dibanguna awal tahun 1900-an, keur jamanna pamarentahan Bupati Ciamis RAA Kusumadiningrat. Nu pasti mah geus heubeul pisan umurna teh….

 
Sasak Cirahong ngabogaan dua fungsi dina hal transportasi (2 in 1 ceuk urang bule mah)  bagian luhur sasak mangrupakeun sasak pangliwatan rel / jalan kareta api jalur Bandung – Yogyakarta, anu handapna sasak teh biasa dipake lalu lintas mobil jeung motor….mangga titenan foto dihandap ieu…

 

Sasak nu handap (lalu lintas mobil & motor) jalanna masih keneh make kai balok, sedengkeun rangka pilar-pilarnamah make rangka baja jaman baheula…..

 

Pikeun urang nu make kendaraan motor atawa mobil ngaliwatan sasak Cirahong ngalatih urang diajar sabar kudu antri pikeun ngaliwatan ieu sasak…Tapi urang pasti puas bisa ninggali pamandangan alam anu endah…kusabab mun ninggali ka handap aya walungan Citanduy jeung hejo ku tutuwuhan lainna…komo leuwih hade lamun marengan luhureun urang liwat kareta api…..wah dijamin…pangalaman anu heboh…..!!!

 

Mun ditilik kana umur sasak Cirahong nepi kataun ayeuna umurna geus leuwih ti sa abad…tapi konstruksina masih keneh kuat teu rengrot-rengrot acan…..

 

Kumaha atuh ari jembatan jaman ayeuna…6 bulan diresmikeun….??????? ##brol..!!!

 

 

 

Waktu neangan Salak

ka Manonjaya…. Jeung Kang Aep Capung

 

Hatur nuhun Ka Kang Diaz Rosanno (Dizzman)

kana izin nyutat foto-na…..


Tanggapan

  1. Duh….eta sasak Cirahong teuing ku waas ! Kuring kungsi leumpang ti Kaum (Masjid Agung) Ciamis ka pasar Manonjaya ngaliwatan sasak eta antara taun 1970 – 1971. Teu pira nu diteangan harita teh,ukur neangan muncang keur adueun. Dasar budak……!!!

  2. kaleresan lembur sim kuring mah palih tonggoheun cirahong

  3. Haturan kang Syarif tos kersa rurumpaheun kadieu…palih mana tonggohna ti cirahong teh kang ??? anu seueur salak…???

  4. nami abdi neti the abdi urang benteng,sakola oge nembe kelas 1 di SMKN 1 CIAMIS……..kaleresan lembur abdi mah teu tebih ti sasak cirahong teh,ti yuswa abdi 5 taun oge terang sasak cirahong,aduh…………………..anehna abdi kacida beletna saumur-umur nembe terang yen di luhur sasak teh jalan kareta!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!! astagfirulloh ngerakeun………………….he…….he………..

  5. Bagea neng Neti, tos kersa rurumpaheun ka rorompok simkuring…Alhamdulilah abi ge tos lami teu acan ka Cirahong deui…kapungkur bae waktos nunu eSeMPe abi ngaliwet di Cirahong…
    Sok ah sing Sukses di SMKN 1 CIamis….Salam..

  6. aduh….
    da unggal ningali sareng ngalangkungan sasak cirahong teh sok teu liren peraosan takjub teh..
    kaleresan aki sareng nini teh orang manonjaya,janten sering ngalangkung ka sasak cirahong teh…
    abi ayeuna nuju ngumbara..janteng sono ka lembur….

  7. Mani waas ari ngalangkung ka cirahong teh.ku kawasa Gusti Allah mani endah. kahade wae tong di anggo maksiat,bilih adab tinu yitakna. sakitu wae ti kuring,haturnuhun.

  8. Eta nu ngadamel sasak Cirahong aya tiasaan,urang mana nu ngadamelna?
    kedah ditapaquran,dugi ka danget ayeuna masih kokoh. punten we kai nu tos reksak enggal gentos, margi bilih bahaya,ka pengguna.
    Keamanan mugia we tingkatkeun……

  9. abdi mah pami ngalangkung ka jembatan cirahong kana motor sok sa was2 ningali na,,, tapi subhanalloh katingali waas na pami nuju ngalangkung teh,,, kanu ngalangkung nganggo kendaraan kade we nya sing ati2,,,,

  10. Meni waas ningali foto cirahong. Abdi urang manonjaya tapi lami di Samarinda Kalimantan Timur. Keur budak mah sok ulin mapayan jalan kareta ti stasion manonjaya dugi ka ciamis. Ari pas ngalewatan jambatan cirahong teh sok sieun da asa mani luhur pisan. Terakhir kamari abdi ka manonjaya bulan Oktober 2008, nostalgia deui ka jambatan cirahong, masih keneh wae jambatanana siga baheula. Abdi lulusan SD 5 Manonjaya tahun 1982.

  11. alhamdulillah abdi tiasa ningali deui jembatan cirahong margi tos aya puluh tauna tara ningali deui..karererncangan nu di panyingkiran salamnya..

  12. kang syarif ari tonggoheun cirahong teh maksadna palih mana? d panyingkiran/pawindan? pami abdimah rorompok teh caket sakola SD Panyingkiran 1 2..

  13. abdi teh tos lami te ka lembur lima tahun kumaha daramang aki,nini, uwa , ujang, nyai ?

  14. Sasak cirahong teh tempat abdi ari ngalangkung ka bumi rerencangan di Imbanagara.Ti Cilambu teras Kamanonjaya.Sae pisan Poto-potona SIIIP Lah

  15. abdi bangga salaku urang Manonjaya(bumi di Cilambu).Sasak Cirahong tiasa tampil dina Website.Tiasa diuninga ku Para Netter sajagad raya.

  16. ciamiss yesssss

  17. gimana Tahap Akhirnya. Anak2 D3 Tkj STMIK Tasikmalaya. Atos Saridang…?????????????????????????………….

  18. kanggo anu ngatur mobil ti kidul jeung ti kaler, sing ihlas tong pamrih, rek masihan pek, rek heunteu oge teu naon naon.

    kanggo anu kaleresan ngalangkung terutami anu nganggo mobil, pami teu kaabotan mah, pasihan bae saridona, da pami teu aya nu ngaturmah rada repot, bilih pasangrok di tengah, pan kedah aya anu mundur salah sahiji, leuheung mun aya nu ngelehan, lamun henteu,garelut ditengah, ragrag kabeh ka citanduy, pan bahaya, hehehehh

    salam kasadayana, terutami ka urang pawindan

  19. sasalam mualaikum?kumaha daramang!muhun nya eta jembatan cirahong mani kuat pisan,padahal etab paninggalan jaman belanda?sareng eta kinten-kinten na ngadamel na sabara bulan nya padah eta jembatan teh mani panjang,aya panginten 500 m mah da di tingali mani panjang pisan??????????

  20. aduh abi nyerat aya nu lepat hapunten pisan ka sadayana?????

  21. waduuuuch kangen sareng jmbtan cirahong meni waas seueur kenangan anu matak ngagugah kana hate.. Kenangn waktu n0ngkrong. . .

  22. kaleresan abi urang panyingkiran… ngalangkung cirahong upami bade ngala salak di kebon pun paman. upami ngaliwet mah sok di sisi citanduyna. ayeuna mah tos 2 taun teu ngalongok cirahong

  23. saya asli orang daerah cirahong di ds pawindan rt 08/06 sayang kayu yg buat jalannya gak kuat lama 2bulan udah ancur kalau pake mtr suka nyelip di antara kayu yg rusak tolong lah gmn caranya supaya awet !??hari mgg rame sekali untuk lari pagi.1 lg lawang masuk harus kasih lampu merah hijau biar lancar

  24. Siap boss..

  25. asa kabita upami nguseup ti luhur sasak. Resep panginten nya…Agus Cikoneng

  26. Jeujeurna kedah panjang…

  27. NGRINGAN

  28. kenging……ucing gera mun ngusep teh

  29. hatur nuhun kang artikna bermanfaan 🙂

  30. kantos ngalangkung emhh…endahpisan


Tinggalkan Balasan ke Mumu Batalkan balasan

Kategori